Senin, 21 Mei 2012

beu... anaking!!! (carpon tamba kesel)


Beu…, Anaking!!!
Lulusan espege kiwari mah euweuh hargaan teu siga jaman orde baru. Baheula mah, lulusan espege teh teu burung jaradi PNS. Nya ku enyana, hanjakal teu ti baheula miluan daftar jadi PNS, sihoreng ayeuna mah geuning hese pisan. Umur geus meper keur persyaratan miluan testing CPNS. Jabaning geus dua taun katukang, ti taun dua rebu sawelas nepika ayeuna Mei dua rebu dua welas euweuh singning nu ngaranna tes CPNS teh. Keur mah ketang taun-taun katukang oge tara ieuh pimilueun nguruskeun keur miluannana, kapanan umurna geus kadaluwarsa. Kamari pisan tah ahir Bulan Maret majarkeun teh aya pendataan keur diangkat jadi PNS cenah, utamana mah anu geus sukwan mangpuluh-puluh taun jeung umurna geus kadarluwarsa kawas kuring. Duka enya duka gosip wungkul eta mah. Da ditanyakeun ka kantor UPTD teh cenah kuring jeung sabaraha puluh guru sukwan di Kacamatan Manonjaya geus asup verifikasi. Keun atuh sugan wae, ngalaman diangkat jadi PNS teh.
Da geuning, mun ngandelkeun gaji guru sukwan nu teu sabaraha, teu ieuh cukup keur kabutuhan hirup sapopoe. Buktina, ampir meh unggal bulan boga hutang ka tukang warung.. Untungna eta tukang dagang gigireun imah teh mani bageur, daek tutulung ka jelema siga kuring. Sakapeng mah sok hayang ceurik lolongseran, mun geus teu bisa nyumponan kahayang barudak. Anyar keneh tah, si bungsu teu pira hayang pangmelikeun buku bacaan anu teu sapira hargana, nepika teu kabeuli. Nya eta tuda mun kongang nganjuk mah, moal teu ditedunan kahayang si bungsu teh. Budak teh geus bisa maca, celakan ku kituna mah, buktina macana oge geus norolang. Matak basa hayang pangmelikeun buku bacaan, hate mah ukur ngalengis. Deudeuh teuing kasep…!
Salaki nu ukur digawe jadi tukang ojek, sapopoe paling beresihna menang dua puluh rebu. Kapanan didua-duakeun jeung nu boga motor, da bororaah boga motor kapanan, imah ge nu ukur tilu ka tilu meter, imah panggung. Tapi masing kitu ogenan teu kendat syukuran ka gusti, masing enya cek batur jelema teu boga, jalma sangsara, tapi estuning dina kahirupan keluarga mah, teu ngarasa kakurangan nanaon. Boga salaki nu nyaah, anak dua saroleh tur balager, nu cikal geus esema kelas dua, nu bungsu kelas hiji esde.
Si teteh, budak nu cikal isuk-isuk geus amitan ka sakola majarkeun teh rek aya lomba ngalukis cenah di kampus Unsil. Kusiwel budak teh dibekelan lima rebu rupiah. Enya si teteh teh aya bakat meren ti bapana. Apanan ceuk dongeng bapana, baheula keur jaman esema, manehna teh sok jadi wawakil kelasna keur miluan lomba ngalukis, ngagambar nanaon ogenan alus wae, abong-abong geus bakat meren. Sakapeng sok dheureuyan, ceuk kuring teh geus wae ulah teuing ngojek, jadi pelukis wae, jualan di sisi jalan deket alun-alun moal burung aya nu meuli geura, ari alus mah lukisannana. Dikitukeun teh bapana budak kalah balaham belehem,. Euweuh modal cenah na teh. Nu puguh na mah teu ari meren.
Kuring jeung si bungsu geus saged rek ka sakola, bapana oge geus siap nganteurkeun memeh dinas. Heueuh dinas ngojek, hehe. Si bungsu kalahka seserian nempo dangdanan bapana. Pagawe kantoran mah, eleh meren ku dangdanan si bapa mah. Make kameja enog asin, calana kaen hideung, anu mani ngajerepepet menang ngalicin, di topi pamere lanceukna nu kaitung pangalusna. Atuh matak penumpang teh kasemsem ku si bapa. Kuring oge milu nyengseurikeun, nu disengserikeun kalah umat-imut gumejle.
Sapanjang jalan si bungsu baceco, sagala diomongkeun. Malah ka bapana mah, menta hadiah mun engke rangking kahiji deui siga semester kamari, hayang dipangmelikeun sapedah cenah. Kuring ngeleg ciduh, sieun teu bisa nyumponan kahayang budak, pon kitu deui bapana, katingalna teh bangun nu bingung tapi teu nyirikeun diharepeun budak mah, ngan bati ngaenyakeun we, majarkeun sugan aya milik.
Ba’da asar si teteh mulang ti sakolana. Kadengena teh lempang bangun nu rurusuhan, uluk salam langsung muru ka imah, si bapana mah masih dipangkalan ojek, si bungsu keur ngadu kaleci di buruan tatangga jeung baturna.
“Mah…, teteh juara ka hiji…! Tingali ieu pialana!” ceuk si teteh bari mukaan sapatuna. Kuring nu karek beres solat asar gura-giru muru ka hareup. Enya wae budak teh nyenyekeul piala, jeung amplop bodas.
“Alhamdulilah atuh teh…! Hebat lah anak mamah mah. Geuning dicandak ka bumi piala na, apanan sok disimpen di sakola!” tembal teh bari ngarontok budak. Piala nu dicekel ku si teteh teh di ilikan. Tulisan na teh juara hiji lomba lukis sapriangan timur.
“Da dipasihan dua piala na, hiji kanggo nu kenging, hiji deui kanggo sakola!” tembal si teteh bari mikeun amplop bodas nu tadi dikekewek ku manehna.
“Har ari ieu naon teh? Naha ka mamah keun, sok kanggo teteh!”
“Mangga wae buka, anggo ku mamah sareng bapa kanggo kaperyogian urang sadaya.”
Amplop bodas teh dibuka, eusina duit saratus rebuan, tilu lembar. Karasa cai panon ngalembereh kana sela-sela irung, budak diciuman digalentoran. Aya ku soleh-soleh teuing budak teh, ngarti kolot geus teu nyekel duit. Teu wasa narimana, duit teh dikusiwelkeun kana lengeun budak. Si teteh kalah ngejat, anggo wae cenah kanggo meser beas. Gusti teuing sing kagentosan nya geulis…..!
Dicaritakeun ka bapa nu karek mulang, bapana milu ceurik bungah. Tuluy tiluan paungku-ungku, sujud syukur, gusti mah maha uninga ka jalma anu butuh. Gusti nu maha maparin rejeki, kumaha wae carana.
Duit pamere si teteh teh sawareh dipake kabutuhan dapur, sawarehna deui mah di tendeun da si bungsu hayang sapedah cenah, paningan sakeudeung deui tereh kenaikan kelas.
Kuring sakulawarga boga kayakinan lamun keyeng tangtu pareng. Moal sieun kalaparan pedah ku gajih leutik, pedah ku panghasilan anu teu tangtu. Da gusti nu maha suci ieuh nu maparin rejeki mah. Kabeh mahluk di bumi ieu, dipasihan rejekina masing-masing. Alhamdulilahirobbilalamin….!

Cag ah…!
Manonjaya, 22 Mei 2012
Kenging               : Dewi Nurina Agustin
Alamat                 : Jl. Pasirpanjang No 18
                  Manonjaya-Tasikmalaya
Nomor HP           : 085223845951
E-mail                   : agustindewi86@yahoo.com






Senin, 12 Maret 2012

pribadi penuh syukur

sebenarnya ada apa sih dengan karakter bangsa indonesia kini? apalagi dengan karakter para elite politik kita? budaya suap, budaya korupsi, budaya bermain perempuan, budaya memperkaya diri dan budaya melarikan diri? hmm....., hal ini sudah mewabah ke masyarakat pada umumnya. karena menurut masyarakat mereka para pemimpin adalah contoh atau teladan buat rakyatnya. itu harusnya lho! pada kenyataannya, moral para oknum elite ini lebih rendah dibanding para preman, para calo. bagaimanapun, karakter bangsa ini harus segera dipulihkan sebelum negeri ini penuh dengan orang korup.

mari kita selamatkan generasi muda kita dari kebobrokan moral, salahsatunya dengan menjadikan mereka orang yang berkarakter baik. einstein bilang, orang yang lemah adalah orang yang tidak berkarakter. artinya adalah mereka-mereka yang sok kuat, sok berkuasa, sok segalanya, nyatanya adalah orang lemah yang tak memiliki karakter. hmmm.

sejak tahun 2011 kemarin pemerintah melalui dinas pendidikan menambahkan karakter bangsa pada kurikulum pendidikan. hal ini dilakukan agar generasi muda tidak kehilangan jati dirinya. diantaranya, jujur, religius, disiplin, cinta tanah air, bertanggung jawab, toleransi, dsb. mesti begitu, ini bukan hanya tugas guru di sekolah untuk membuat anak anak berkarakter, namun semua pihak, tidak terkecuali anda, atau siapapun. yang peduli dengan masa depan bangsa dan negara kita ini.

yuk budayakan juga jiwa bersyukur, dengan begitu kita tidak akan tamak. tanamkan pada jiwa anak kita juga ya! bahwa ternyata dengan bersyukur, kita akan mengalami rasa bahagia yang luar biasa, karena tidak merasa kekurangan. semuanya diserahkan kembali kepada alloh swt.

meskipun jaman sudah berbeda, meskipun semua sudah berteknologi tinggi, namun menjadi manusia sosial tetap harus kita jaga. saling menghormati dan menghargai orang tanpa melihat siapa dia? apa jabatanya, karena di mata tuhan kita semua adalah sama, yang membedakan adalah ketakwaan kita.

semoga para elite, para pemimpin yang memanfaatkan kekuasaannya untuk kepentingan pribadi dan golongan terenyuh hatinya dan bertaubat berubah menjadi pemimpin yang jujur, yang teladan seperti nabi Muhammad saw. meskipun beliau ini adalah pemimpin umat islam namun, setiap umat tidak menyangkal bahwa beliau ini adalah pemimpin tauladan, pemimpin paling jujur.

yuk, mulai dari diri sendiri, kawan. jujur terhadap diri sendiri, dan jadilah pribadi yang penuh syukur. tuhan maha tahu apa yang kita lakukan, maka takutlah akan laknat tuhan, kalau kita mengingkari.

salam hebat.
dj dewi agustin