Beu…,
Anaking!!!
Lulusan
espege kiwari mah euweuh hargaan teu siga jaman orde baru. Baheula mah, lulusan
espege teh teu burung jaradi PNS. Nya ku enyana, hanjakal teu ti baheula miluan
daftar jadi PNS, sihoreng ayeuna mah geuning hese pisan. Umur geus meper keur persyaratan
miluan testing CPNS. Jabaning geus dua taun katukang, ti taun dua rebu sawelas
nepika ayeuna Mei dua rebu dua welas euweuh singning nu ngaranna tes CPNS teh.
Keur mah ketang taun-taun katukang oge tara ieuh pimilueun nguruskeun keur
miluannana, kapanan umurna geus kadaluwarsa. Kamari pisan tah ahir Bulan Maret majarkeun
teh aya pendataan keur diangkat jadi PNS cenah, utamana mah anu geus sukwan
mangpuluh-puluh taun jeung umurna geus kadarluwarsa kawas kuring. Duka enya
duka gosip wungkul eta mah. Da ditanyakeun ka kantor UPTD teh cenah kuring
jeung sabaraha puluh guru sukwan di Kacamatan Manonjaya geus asup verifikasi.
Keun atuh sugan wae, ngalaman diangkat jadi PNS teh.
Da
geuning, mun ngandelkeun gaji guru sukwan nu teu sabaraha, teu ieuh cukup keur
kabutuhan hirup sapopoe. Buktina, ampir meh unggal bulan boga hutang ka tukang
warung.. Untungna eta tukang dagang gigireun imah teh mani bageur, daek
tutulung ka jelema siga kuring. Sakapeng mah sok hayang ceurik lolongseran, mun
geus teu bisa nyumponan kahayang barudak. Anyar keneh tah, si bungsu teu pira
hayang pangmelikeun buku bacaan anu teu sapira hargana, nepika teu kabeuli. Nya
eta tuda mun kongang nganjuk mah, moal teu ditedunan kahayang si bungsu teh.
Budak teh geus bisa maca, celakan ku kituna mah, buktina macana oge geus
norolang. Matak basa hayang pangmelikeun buku bacaan, hate mah ukur ngalengis.
Deudeuh teuing kasep…!
Salaki
nu ukur digawe jadi tukang ojek, sapopoe paling beresihna menang dua puluh
rebu. Kapanan didua-duakeun jeung nu boga motor, da bororaah boga motor
kapanan, imah ge nu ukur tilu ka tilu meter, imah panggung. Tapi masing kitu
ogenan teu kendat syukuran ka gusti, masing enya cek batur jelema teu boga,
jalma sangsara, tapi estuning dina kahirupan keluarga mah, teu ngarasa
kakurangan nanaon. Boga salaki nu nyaah, anak dua saroleh tur balager, nu cikal
geus esema kelas dua, nu bungsu kelas hiji esde.
Si
teteh, budak nu cikal isuk-isuk geus amitan ka sakola majarkeun teh rek aya
lomba ngalukis cenah di kampus Unsil. Kusiwel budak teh dibekelan lima rebu
rupiah. Enya si teteh teh aya bakat meren ti bapana. Apanan ceuk dongeng
bapana, baheula keur jaman esema, manehna teh sok jadi wawakil kelasna keur
miluan lomba ngalukis, ngagambar nanaon ogenan alus wae, abong-abong geus bakat
meren. Sakapeng sok dheureuyan, ceuk kuring teh geus wae ulah teuing ngojek,
jadi pelukis wae, jualan di sisi jalan deket alun-alun moal burung aya nu meuli
geura, ari alus mah lukisannana. Dikitukeun teh bapana budak kalah balaham
belehem,. Euweuh modal cenah na teh. Nu puguh na mah teu ari meren.
Kuring
jeung si bungsu geus saged rek ka sakola, bapana oge geus siap nganteurkeun
memeh dinas. Heueuh dinas ngojek, hehe. Si bungsu kalahka seserian nempo
dangdanan bapana. Pagawe kantoran mah, eleh meren ku dangdanan si bapa mah.
Make kameja enog asin, calana kaen hideung, anu mani ngajerepepet menang
ngalicin, di topi pamere lanceukna nu kaitung pangalusna. Atuh matak penumpang teh
kasemsem ku si bapa. Kuring oge milu nyengseurikeun, nu disengserikeun kalah
umat-imut gumejle.
Sapanjang
jalan si bungsu baceco, sagala diomongkeun. Malah ka bapana mah, menta hadiah
mun engke rangking kahiji deui siga semester kamari, hayang dipangmelikeun
sapedah cenah. Kuring ngeleg ciduh, sieun teu bisa nyumponan kahayang budak,
pon kitu deui bapana, katingalna teh bangun nu bingung tapi teu nyirikeun
diharepeun budak mah, ngan bati ngaenyakeun we, majarkeun sugan aya milik.
Ba’da
asar si teteh mulang ti sakolana. Kadengena teh lempang bangun nu rurusuhan,
uluk salam langsung muru ka imah, si bapana mah masih dipangkalan ojek, si
bungsu keur ngadu kaleci di buruan tatangga jeung baturna.
“Mah…,
teteh juara ka hiji…! Tingali ieu pialana!” ceuk si teteh bari mukaan sapatuna.
Kuring nu karek beres solat asar gura-giru muru ka hareup. Enya wae budak teh
nyenyekeul piala, jeung amplop bodas.
“Alhamdulilah
atuh teh…! Hebat lah anak mamah mah. Geuning dicandak ka bumi piala na, apanan
sok disimpen di sakola!” tembal teh bari ngarontok budak. Piala nu dicekel ku
si teteh teh di ilikan. Tulisan na teh juara hiji lomba lukis sapriangan timur.
“Da
dipasihan dua piala na, hiji kanggo nu kenging, hiji deui kanggo sakola!”
tembal si teteh bari mikeun amplop bodas nu tadi dikekewek ku manehna.
“Har
ari ieu naon teh? Naha ka mamah keun, sok kanggo teteh!”
“Mangga
wae buka, anggo ku mamah sareng bapa kanggo kaperyogian urang sadaya.”
Amplop
bodas teh dibuka, eusina duit saratus rebuan, tilu lembar. Karasa cai panon
ngalembereh kana sela-sela irung, budak diciuman digalentoran. Aya ku
soleh-soleh teuing budak teh, ngarti kolot geus teu nyekel duit. Teu wasa
narimana, duit teh dikusiwelkeun kana lengeun budak. Si teteh kalah ngejat,
anggo wae cenah kanggo meser beas. Gusti teuing sing kagentosan nya geulis…..!
Dicaritakeun
ka bapa nu karek mulang, bapana milu ceurik bungah. Tuluy tiluan paungku-ungku,
sujud syukur, gusti mah maha uninga ka jalma anu butuh. Gusti nu maha maparin
rejeki, kumaha wae carana.
Duit
pamere si teteh teh sawareh dipake kabutuhan dapur, sawarehna deui mah di
tendeun da si bungsu hayang sapedah cenah, paningan sakeudeung deui tereh
kenaikan kelas.
Kuring
sakulawarga boga kayakinan lamun keyeng tangtu pareng. Moal sieun kalaparan
pedah ku gajih leutik, pedah ku panghasilan anu teu tangtu. Da gusti nu maha
suci ieuh nu maparin rejeki mah. Kabeh mahluk di bumi ieu, dipasihan rejekina
masing-masing. Alhamdulilahirobbilalamin….!
Cag
ah…!
Manonjaya,
22 Mei 2012
Kenging : Dewi
Nurina Agustin
Alamat : Jl.
Pasirpanjang No 18
Manonjaya-Tasikmalaya
Nomor HP : 085223845951
E-mail : agustindewi86@yahoo.com